DAERAH

Nganjang Ka Pagèto, Noong ka Taun 2024

SUARA JABAR NEWS. COM,- Berkait jeng Ieu, itu mah saukur neuleuman jeung nalungtik keur sakuringeun wèh, gojang ganjing pupulitikan keur taun 2024 karasa geus harènghèng, sarèngsèna karèrab sasawad covid-19 salila dua taun, asa mingkin karasa nyèngsrèng, pajurawet pada tatahar kaum èlit partèy mah adu manis, adu geulis nèang luang silih èlèdan sangkan bisa sabarisan ngusung para calon panguasa anyar taun 2024 asa teu lila dua taunan deui.

Tatahar nyiapkeun pikeun Presidèna, Gubernurna nepi ka Bupatina sapakèt (Pamilihan Sarentak) talajak sapeti kieu pikeun rahayatmah ukur bisa kèom seuri konèng loba teu ngartina dari pada pahammah nya leuwih hadè ngan cukup ngabandungan.

Kasaksen moal lila deui beranda beranda media sosial naon waè, atuh kadituna jalan-jalan protokol ogè jalan dèsa kantenan tempat-tempat strategismah bakal ceuyah meriah ku kayaning banner, baligo, spanduk nu warna warni, beurem bodas, konèng bedis katumbiri nawarkeun janji manis program hèbat lima taunan.

Maranèhna geus tanpa basa basi deui sabari marasang beungeut lalugu, berwibawa, rèligius jeung sajabana jiga nu heueuh taya cela, jiga ceuk lalaguan “Durjana berkedok Satria“.

Tapi mèmang jeung eunyana ampir karitunatèh, katangen satutas kapilihmah, mulang kaasal ngagalaksak, poho kana purwadaksi, poho kana purwadaksi, dua kali nulisna mèh tandes kahartina.

Teu bisa ngabibisani ku kondisi kiwari, sanajan kakara rèngsè ngalaman tiarap panjang mèh dua taun teu bisa laluasa ngariksa panghirupan normal jalaran sasalad sakadang covid-19, saeutikgè teu jadi halangan pikeun kaum politikus kawakan dugi nu teu kaawakan ngabulasin nepikeun pamanggihna.

Rupa-rupa anu teu kahartina nepi ka harib-harib nembrag undang- undang sagala, pajartèh kusabab kondisi acan normal akibat sakadang covid, jabatan prèsiden tèh rèk diperpanjang weh sakitu taun, amèh teu ngaluarkeun biaya pemilu nu pasti mahalna.

Tah kujalaran eta pipikiran, jadi ngabalukarkeun riweuh sarèrèa, geunjleung adu rènyom teu manggih tungtung, digoreng dijait dicipatian digorèng deui kitu jeung kitu rahayatmah ukur hookeun wè meungpeun carang, bangun teu ngarti.

BACA JUGA :   Alhamdulillah, Kelompok NII yang Terkena Doktrin, Akhirnya Kembali Ke NKRI

Pasti rahayat Indonesia pada umumna masih nyimpen lalangsè na jeroeun hatè jeung pikir tug nepi kiwari, peristiwa Rèformasi taun 1998 udagan kaum nonoman khususna mahasiswa mangsa harita sa-Indonesia, bèak dèngkak pinuh pengorbanan ngalawan kakuasaan Rezim Orde baru nusakitu hengkerna lain ukur tanaga jeung pikiran lamun korban jiwa mahasiswa.

Cita-cita mulia kaum intelektual muda hayang aya rèformasi di sagala widang, wabil husus ngabarantas KKN nu mahabu wanci harita, ayeuna para pelaku Rèformasi tangtu masih jarumeneng, masih araya ngilu ngeusi alam Rèformasi di sagala widang panghirupan nu di perjuangkeunana, pastina ngarasakeun yèn perjuanganna can tutas, masih bolong-bolong KKN can burakrakan, masih mahabu di tiap ruang tiap lolongkrang, perlu rancagè sabilulungan nutaskeunna, beurat.

PR gedè pikeun bangsa nangenan kondisi di luhur, gonjang ganjing milih pamimpintèh ukur mertèlakeun acan aya parobahan perilaku nu enya-enya udagan jeung cita-cita Rèformasi hususna KKN masih jalan di tempat, nu katangènmah oligarki wèh nu ngeyeban kakuasaan ti pusat nepi ka daèrah, kabèh di bandaran, tangtuna jadi werat, hèsè pikeun nèang calon pamingpin kahareup nu bakal ditatawarkeun partey politik nu jadi kandaraanna, salila kaum komperador nèangan bati.

Tangtuna ieu mangrupa hiji tantangan balarèa pikeun jadi pinter milah jeung milih na ulah kabelejog, dina warna warni jeung gambar culun, banner, spanduk, baliho para calon ti sagala partèy nu bakal datang ulah teuing jadi hookeun kabèngbat kabelejog kabèbènjokeun ku hadiah hadiah teu sapira tapi ngarugkeun, lima taun kawakilan ku ucing garong.

Mendingan tigin nèang wawakil nu bener haat daèk merjuangkeun kapentingan-kapentingan rahayatna saenyana, Sugan wèh manggih urang SUNDA nu wani nangtung, Cag..!, (**).

baca juga

Lamongan Berkomitmen Wujudkan Daerah Surplus Pangan Dengan Terus Meng up grade Budidaya Pisang

Yeni

Vokasi UI Dukung Kota Depok Menuju UCCN 2025.

Yeni

Pemkab Garut Salurkan Bantuan Sembako Minyak Goreng Untuk Masyarakat

Yeni